Selasa, 02 Maret 2010

Abong Lalaki


Kiwari Ema keur nganjrek di imah kuring. Duka kunaon lantaranana nu matak anjeunna kersa matuh di kuring. Padahal nu enggeus-enggeus mah mindeng ngajak Ema, sok tara kersaeun. Karunya ku Apa cenah.

Tapi basa kamari, Ema sumping, angkaribung mani sagala dicandak. Anggoanana sakoper metung katut sagala rupi pangabutuh anjeunna. Angkatna nyalira deuih. Matak ngahudang kapanasaran. Sasarina lamun angkat-angkatan, ngalayad pala putrana sok sasarengan bae sareng Apa. Boh nyaba ka kuring nu ngumbara pangjauhna, boh ka Sukarya jeng ka Neng Wita nu rada dareukeut.

Tacan ari tetelepek nanyakeun mah. Kumaha tea, naha tea. Bungah wae kasumpingan ku Ema teh. Komo lamun bakal lawas mah. Eta pisan nu diarep-arep ku kuring jeung pamajikan teh. Malah kahayang mah saterusna.

Kayid mah hayang mulangkeun kadeudeuh, mulangkeun katresna jeung cisusu nu geus ngagelarkeun kuring nepi ka sakieu jadina. Peupeuriheun mitoha mah, sasat geus henteu sabeulah-beulah acan. Taun kamari mungkasna ngaladenan teh.

Kaanjrekan Ema teh dipikahayang naker. Saluyu jeung karep pamajikan. Hanjakal can boga bati. Euweuh cooeun.

Aya eta oge ari kecap cariosan basa jol pisan mah.

"Rek matuh lawas Ema teh Wida nu matak sagala dijingjing. Hayang ngadon reureuh......." saurna ka pamajikan kuring.
"Hatur nuhun Ema kersa lami mah. Ti kapungkur oge diantos pisan. Nya Engkang.....", tembal Widarsih bari ngalieuk ka kuring.
Tapi saprak Ema sumping, katingalna teu pati berag. Diajak pelesir kaditu kadieu teh teu purun bae. Sedengkeun nu enggeus-enggeus mah sifat Ema teh salawasna sok gumbira. Pikaresepeun ari cumarita. Hegar obrolanana, sok ngundang pikalucueun. Ari ieu bet siga aya nu diemutan.

Ngajeueung pasemon Ema kitu sok hayang pok wae naroskeun. Tapi tacan wani pok mah. Bilih teu raoseun manahna, jeung matak ngagareuwahkeun.

Sanggeus Ema ya tilu poe di kuring, kirining aya interlokal naroskeun Ema. Wita nu interlokal teh. Beurangna samemeh tutup kantor jol deui interlokal ti Sukarya. Sarua nanyakeun Ema. Asa rareuwas. Reuwasna teh naha pertanyaanana sarua. Angkatna Ema ti bumi teu kauninga ku Apa. Teu ninggalkeun wartos rek ka saha-sahana.

Nampa interlokal nu natanyakeun Ema, teu cukup ku ngarasa bungah yen nu jadi adi gede katineungna ka indung, katut Ema di jalanna salamet. Jaba ti eta teh malah jadi bangbaluh pikiran keur kuring mah. Kawas aya hiji hal perkara, nu ngabalukarkeun Ema angkat ti bumi kalayan teu wawartos heula ka Apa. Tur naha bet imah kuring nu diboro, lain imah Wita nu deukeut di Bandung atawa Sukarya pisan nu pangdeukeutna di Cirebon?. Lamun rek titirah mah, asa leuwih merenah di Bandung di Wita. Kawasna supaya ulah deukeut jeng Apa nu dipamrih ku Ema teh.

Rada teu junun poe eta mah digawe teh. Eta kapangaruhan ku masalah Ema tea. Angkat ti Jatiwangi teu kauninga ku Apa. Kawas nu keur pundung. Asa piraku ari kedah aya pacogregan sareng Apa mah. Jajauheun. Cek basa dituna mah hubungan Apa jeung Ema salawasna harmonis. Geugeut layeut ti barang Apa dines keneh. Lamun ayeuna mah boa matak meunang anugrah rumah tangga teladan. Anak jareujeuh kabeh. Bojo teu nyandung nepi ka pakotrek iteuk. Awak sehat nepi ka pangsiun. Bakti ka nagara cukup. Paraku deuih pasea mah, lantaran kakirangan resiko dapur.

Atawa eta kituh pedah Apa masih keneh resep ngaben. Ngadu hayam jago? Asa geus teu jadi masalah deui. Kalangenan eta mah geus mangrupakeun kalangenan nu nahun. Nu geus pada uninga. Cek urang Batawi tea mah geus saling pengertian. Nu geus teu jadi masalah deui.

Ngadu hayam saur Apa, kaasup kalangenan menak baheula. Napel adat menak teh dina salira Apa mah sok sanajan anjeunna lain turunan menak. Saukur nyangking kalungguhan Wadana hasil milu bajuang nu asalna mah ti tingkat handap heula.

Kapanasaran teh dicaritakeun ka Widarsih. Disakolana basa balik mapag manehna.
"Janten ka Engkang mah teu acan nyarios?" Pokna.
"Teu acan.... Kumaha ka Wida?" Cek kuring. Nanyakeun teh bari rada kerung. Eta ku boga rasa boa ka Widarsih mah Ema geus nyarios.
Widarsih imut. Katembong dina kaca spion motor.
"Nyarios ka abdi mah. Mung henteu panjang carios. Angkat ka urang teh henteu langsung ti Jatiwangi, angkat ti bumi Uwa Imas ti Cikulak..." Cek Widarsih. Ema teh bibit buitna mah urang wewengkon Ciledug. Lemburna mah ti Cikulak.
"Sugan tos nyarios, pedah ku naon teu wawartos ka Apa?
"Dupi Engkang uninga Ema teu wawartos ti saha?"
"Apan tadi aya interlokal ti Wita jeung ti Sukarya...." Cek kuring teh.
"Naroskeun Ema?!"
"Enya....Dadakuna mah eta cenah hariwang di jalan. Bisi kumahaonam tea. Ma'lum pajamanan ayeuna, supir teh sok ngebut...."
Di imah sabada solat lohor, ngariung sareng Ema. Aya interlokal ti barudak teh dicarioskeun. Sajongjongan mah Ema teh ngahuleng. Sapertos aya nu diemutan.
"Nanyakeun Ema meureun nya?!"
"Leres....." Tembal teh. Teu gancang dicaritakeun ari Apa uningaeun mah.
"Beja naon deui cenah ti barudak? Moal nyaritakeun inditna Ema mah ka Tata?......"
"Kantenan nyarioskeun mah. Leres kitu angkat teh Apa teu uningaeun?"
"Enya.........malah geus nyarita ka Neng Wida mah......"
"Parantos ku abdi oge dicarioskeun ka pun lanceuk........." . Cek Widarsih nu keur jongjon mariksa kertas ulangan muridna.

Ema ngarenghap lir aya rasa bangbaluh nu hayang dilesotkeun tina lebet manahna. Kaca soca nu keur dianggo dilaan. Kitu deui buku nu tadi keur diaos diecagkeun kana meja. Buku Modana nu anyar medal karangan Ki Umbara sareng R.H. Oeton Muchtar.

"Ana dipikir ku Ema, talajak Ema teh kawas budak.........." Saurna teh bari meresihan kaca socana ku saputangan. Can wani megat kalimah kuring teh. Kitu deui Widarsih nu keur nyurat-nyoret kertas ulangan ngan ukur cengkat sirahna. Bolpoint beureumna diecagkeun. Kawasna hayang ngabandungan cariosan Ema. Atuh kuring calangap kaget, naha bet ka dinya cariosan Ema anjogna. Lantaran cariosan Ema teu laju, celengkeung teh Widarsih ngomong.

"Dupi margina Ema.......?!"
"Tapi deuih, ........ munasabah kikieuan teh. Ku asa diteungteuinganan. Asa diwiwirang naker Ema teh ku Apa maraneh........" Saur Ema semu dareuda. Kuring beuki heran. Maceuh teuing kitu Apa ngabenna, nepi ka popohoan teu emut mulih ka bumi. Cul Ema di bumi nyalira?.

"Nu matak, satungtung maraneh suka rido kacicingan, moal rek balik ieuh Ema mah. Keun sina karasaeun......." Saur Ema tatag deui nyariosna.
"Aya kajantenan naon kitu Ema?!" Cek kuring panasaran.
"Goreng saenyana lamun ku Ema dicaritakeun mah, Tata. Hartina Ema geus wani ngadoni salaki ka nu jadi anak. Tapi goreng deuih balukarna lamun Ema henteu nyaritakeun ka maraneh perkara ieu. Bisi ninggang salah di Ema".
"Kantenan bae kedahna mah Ema ngawartosan. Supados henteu janten bangbaluh kanggo Ema nyalira. Perkawis bade linggih di dieu, moal dugi ka disusuhunkeun atuh upami abdi sareng Widarsih henteu rido mah kalinggihan ku Ema."

"Sukur bae ari kitu mah. Kieu awit mimitina mah...... Ema jeung Apa teh keur niis di tepas hareup. Nyawang kaendahan gunung Ciremai jeung pasir-pasir nu ngajepat kiblateunana. Ma'lum geuning imah urang teh nyanghareupan pisan panorama pagunungan jeung dumplukan padataran Majalengka jeung Talaga. Imah urang teh asa notog pisan tetenjoan ka beulah kidul teh. Nyanghareupan jalan bari teu kahalangan ku nanaon. Iwal kakayon bubuahan di pakarangan imah. Sawah nu garing teu diparelakan, da puguh euweuh caina. Ngaplak hareupeun deuih. Isuk keneh harita teh. Haneut moyan. Apa ngalageday dina korsi males. Nyanghareupan cikopi jeung surabi nu haneut keneh. Nyesepna bako padudan. Reueus Ema teh. Reueus ku kahirupan nu ngahenang-ngahening teu aya barebedan tug nepi ka kolot. Nepi ka pakotrek iteuk.

Keur kitu teh jol aya tamu pupuntenan jeung dodongkoan nyampeurkeun. Apana cengkat. Si tamu teh geus kolot diiringkeun ku budak awewe. Mani geulis budakna mah. Tukangeunanan deui aya nu nyampeurkeun lalaki. Gagah deuih. Asupna pandeuri dan neundeun heula motorna. Ari nu kolot mah tiheula markir motorna teh......" Ema ngarenghap heula. Tuluy ngarot. Kawasna tuhur tikoro.

"Terasna.....?" Cek Widarsih nu geus pindah milu ngariung diuk dina sofa bareng jeung Ema. Si eta mah sok saregep ari ngadengekeun obrolan teh. Isukna sabada tas ngadengekeun , sok geus jadi karangan. Lumayan cenah keur nambah-nambah resiko lamun hasilna dimuat mah.
"Nilik kana dangdanan mah si tamu teh lain priyayi. Kawasna somahan. Ngan awakna beresih tur kawasna kabeuli ku dunya. Solonong nu tiluan teh sasalaman. Boh jeung Apa boh jeung Ema. Apa ngagentraan Jang Sanim sina mawa deui korsi, da puguh kurang di tepas teh. Ema mah ngatur nyadiakeun opieun bae ka Sanim teh. Sanggeus tamu tarapti diuk, kakara Apa teh naros ka tamu. Adat jeung wewesen menakna mah masih keneh napel najan geus pangsiun oge. Da katingali bae tamu teh mani keom-keom bae ditaros ku Apa teh.

"Tangtos Juragan mah parantos hilap ka abdi......?!" Cek tamu nu kolot. Ari tamu lalaki nu ngora mah sok deuleu maling bae ka Apana teh. Kawas nu keur nyidik-nyidik.
"Ih tangtu bae..... Komo kiwari kuring tos pangsiun. Asa lali." Saur Apa. Serebung padudan teh haseupna diserebungkeun, sabada diserot bangun ni'mateun.
"Juragan istri atuh mani ageung sehat salirana.........." Pokna teh ka Ema.
"Kantenan Mang......... Eta kitu pedah senang teuing tos teu gaduh uruseun. Iwal ieu atuh bapana barudak..." Tembal Ema reueus.
"Saha tea Emang teh. Kuring oge ngarasa asa-asa geus wawuh......" Saur Apa.
"Upami dipercanten mah abdi teh pun Kusna nun...."
"Ooooh?!!......" Cek Apana. Bari unggut-unggutan. Ret panon Apa teh nempo ka budak awewe. Ret nempo ka bapana nu geus kolot. Umur bapana kawasna sakoloteun Apana. Tapi kaciri cangker keneh. Apa rada rampang-reumpeung. Beda rindatna. Tapi teu lila. Katembong biasa deui.
"Ti......." Cek Apana.
"Sumuhun ti Gegesik tea........" Tembal Ki Kusna.
"Mangga atuh dilaleueut etah caina Ujang Nyai......." Cek Ema teh.
"Enya inget ayeuna mah. Kumaha calageur urang ditu?!"
"Pangesto. Alhamdulillah............"
"Aya keperluan meureun nya nu matak jauh dijugjug anggang diteang teh? Jeung ti saha Mang Kusna meunang alamat kuring di dieu?"
"Tangtos bae Juragan, nu mawi abdi ngabujeng ka dieu. Dupi terang alamat Juragan mah ti pun Sastra nu sami parantos pangsiun.
"Oh enya ti Sastra Mantri pulisi tea nya? Si naon teh baheula ari disebut teh?"
"Sumuhun kapengker mah sok disebat Sastra Jendil."
"Enya....enya Sastra Jendil. Jadi masih hirup keneh nyah? Naon kaperluan teh Mang Kus.....?" Cek Apa. Nyarios kitu teh bari nyusutan kesang. Padahal hawa can panas pisan. Ema ngarasa heran oge. Apana bet beda pepetaan. Kawas ngandung karempan.
Mang Kusna tea nu ditaros ku Apa kawas rada bareurat rek nyarita teh. Kapokoh ku Ema dijujurung. Pokna.
"Hatur rewu nu kasuhun ka Juragan istri sareng Juragan pameget. Nu mawi abdi nepangan, ieu kajurung ku embuna pun incu. Wirehna ieu pun incu parantos dugi kana wancina, parantos doongkap kana mangsana kedah rimbitan. Kaleresan aya nu ngersakeun. Nya iue buktosna......" Bari nunjuk ka budak lalaki nu diuk digigireunana.
Reg nyaritana ngarandeg. Teu laju. Kawas nu bareurat. Cek pikir Ema naha rek ngondang atawa rek aya naon. Atuh cek Ema teh.
"Maksad Emang mah, rupina bade ngondang atanapi.......?!"
"Ih........langkung ti kitu maksad teh Juragan....." Pokna bari nyerengeh seuri. Budak nu duaan katembong moyeg teu geunah cicing. Padahal korsi teh euweuh tumbilaan. Jeung moal boga tumbila weh di urang mah.
"Abot sayaktosna mah, naon nu bade disaurkeun ka Juragan teh. Boh bilih ngajantenkeun rengating manah kanggo Juragan. Nanging dosa upami ku Emang henteu disaurkeun..........." Pokna.
"Saena mah mangga geura wakcakeun bae. Ulah asa-asa deui. Ku kitu ku kieu timbangan aya di kuring sareng ieu bapana barudak........." Cek Ema. Mang Kusan ngareret heula ka Apa. Nu direret cicing bae. Anteng nyeuseup padudan. Tapi tuluyna mah unggeuk ngaenyakeun.
"Hapunten sateuacana Juragan..........." Pokna ditujukeun ka Ema.
"Enya cik pek geura caritakeun bae.........." Tembal teh.
"Ieu nu calik gedengeun Juragan istri, pun incu. Putrana pun anak nu wastana Castini. Sinden tarling nu waktos harita mah moal aya nu bireuk deui sa Kabupaten Indramayu sareng Cirebon mah. Sabada sim kuring pindah ka Gegesik katut pun anak, manehna pareng tepang sareng tuang raka nu harita nuju mancen tugas di Arjawinangun. Waktos masih asisten keneh. Ku kersana Pangeran itu ieu kasengsrem, dugi ka nikahna sanaos mung sakedap. Samuni ti Juragan istri. Nanging sanaos sakedap, tuang raka ngantunkeun bati nuju pun incu umur opat sasih. Nya ieu buktosna." Jeleger teh kana ceuli Ema asa aya gelap saleser. Tapi kasewot nu ngagenduk dina angen ditahan.

"Jadi maksudna......." Cek Ema bari neuteup ka Apana nu sepa rarayna.
"Janten maksad nepangan teh teu aya sanes mung bade nyuhunkeun diwalian ku ramana nu kagungan hakna. Sakantenan nepangkeun wae, pun incu Supartini kagungan rama nu jumeneng keneh. Rama nyalira.....".

"Tah kitu Tata, Neng Wida awitna mah. Heg geura palikiran ku maneh kumaha rasana nu dibongohan. Abong kena lalaki. Genep welas taun lawasna Apana teu wakca balaka. Ema teh nyeri asa diteungteuinganan. Asa teu dihargaan. Asa diwiwirang. Sedengkeun Ema sok agul ka batur, boga salaki teh jujur teu kawas batur. Tara nyolowedor. Sagala brukbrak. Ari ieu........ Era Ema teh....... era Tata........... Neng Wida.........." Curucud soca Ema nyurucudkeun cipanon.

Di hareup aya nu keketrok. Plak panto aya nu nyurungkeun. Heab hawa panas ti luar asup bareng jeung asupna waruga sepuh........... Apa..... Gancang Ema nyusutan cisoca nu ngalembereh. Kuring munjungan. Disambung ku Widarsih.
Apa jeung Ema pateuteup. Nyeh Apa imut..... Kawasna bengras deui.

Butuh Teh Ku Sulur Jelema


Ku Mitha Sas Edi (Mangle No. 608; 1977)

Tas ngaluarkeun dagangan, brek diuk dina ranjang hareupeun dadasar warung. Dagangan mah cul bae.
"Urang dieu mah sugan teu bareukieun asin nya Ceu Esih?" cek Jaja ka nu boga warung langgan manehna ari ngadon reureuh jeung madang.

"Ari kitu ku naon Ja?"

"Eta bae ngider mah beak satengah poe teu beubeunangan pisan. Teu kawas ngider ka Cikeusal jeung Cikeusik, balik teh taktak teu ngabengkot teuing". Ceg kopi nu disodorkeun ku Esih teh ditampanan. Suruput diinum sanggeus ditiupan heula sakeudeung. Manehna neruskeun caritaanana. "Deuh mani seungit kieu Ceu kopina, sinarieun. Biasana mah sok ukur paitna bae".


"Apan Akangna kamari ngahaja meuli kopi atahna, nyobaan ngabebek, sabab loba nu menta kopi asli. Ngan rugi tanaga geuning".

"Aeh enya Akang ka mana?"

"Tadi mah keur ka sawah menerkeun cai. Tapi tuh geuning geus datang". Tembal Esih barang ngadenge di tukangeun imahna aya nu ngaguluprak.

"Geuning geus salse ngiderna Ujang?" cek Karta salaki Esih nu nyampeurkeun. "Di dieu atuh di jero geura, ambeh ulah ngahalangan batur nu rek balanja!"

"Ke heula Kang, hareudang yeuh" tembal Jaja

"Geus beunghar ayeuna mah Kang, moal ge daek diuk di jero warung butut..........", cek Esih bari ngahihih seuri. Leungeunna mah jongjon milihanlauk asin dina tanggungan dagangan Jaja.

"Aeh enya, kumaha bejana geus dilaksanakeun paniatan teh", cek Karta ka Jaja nu geus nyampeurkeun ka jero imah. Diuk pahareup-hareup. Sor Karta nyodorkeun dompetna. Pelenyun duanana arudud.

"Laaah, Akang mah...... Puguh oge ngalejokeun tah Si Mistam teh".

"Ngalejokeun kumaha ari Ujang?!" Karta heraneun.

"Nya ngalejokeun bae. Sugan teh lain ka nu kitu kuring mah".

"Atuh...... Cing kumaha tah lalakonna?" cek Karta panasaran.

"Ari ieu jambal sarua jeung harga nu kamari Ja ?" cek Esih ngaganggu nu keur ngobrol.

"Jeh........., Si Esih mah, ari aya nu keur ngobrol teh, sok ngaganggu bae lah.............."

"Nya enggeus saruakeun bae Ceu. Kajeunlah bongan keur teu meunang duit kuringna. Eta aya tarasi nu raos Ceu di handap dina tolombong. Geura cobian, sugan mah pelemna..............."

"Sapelem-pelemna oge tarasi", tembal Esih, tapi leungeunna mah geus nyenyekel tarasi nu disebutkeun ku Jaja. Diambeukeun kana irungna,

"Sabaraha regana Ujang?"

"Rada mahal Ceu saeutik. Geus kajeun tilu lawe ka Euceu mah".

"Atuh mahal teuing, sugan teh meunang genep puluh.........."

"Keun lah, ngajaran sagendek ieu yeuh, sugan payu", Jaja balik deui ka tempat urut manehna diuk tadi bareng jeng Karta.

"Kumaha tadi teh Kang?" cek Jaja. Suruput nginum cikopina.

"Enya lalakon urang nyacapkeun paniatan ?"

"Nyeta asa dilejokeun kuring mah".

"Dilejokeun kumaha ku Mang Mistam teh? Perkara biayana meureun nya?"

"Ku biaya-biaya kitu Kang teu jadi sual, da dahareunana mah kadahar deui ku sapiri umpi. Itung-itung dahar ngeunah wae sataun sakali. Teu sudi najis kuring teh ari kudu hirup kawas kitu mah".

"Enya.........kumaha cenah", Karta beuki panasaran. Atuh Esih oge milu ngadengekeun, sabab keur senggang tinu meuli. Jaja suruput nginum caina. Cor ditambahan ku citeh nu ngajagrag pocina deukeut manehna.

"Harita teh saentas ngobrol di dieu yeuh, di hareupeun Akang sagala geuning, kuring balik teh terus bareng jeung Mang Mistam. Manehna mah terus ka lembur ka Cikulak, lantaran cenah rek nepungan Guru Ardi. Da aya nu pesen panghiraskeun tatarub nu rek hajat ngawinkeun anakna. Kuring mah teu waka balik, tuluy bae ka Ciledug sakalian balanja dagangan sakalian meuli bahan keur rarakaan jeung susuguh. Beres ti Ciledug clak tumpak mobil nuju ka tempatna Kuncen tea sapanuduh Mang Mistam".

"Kumaha keur aya di imah?"

"Ari kuncenna mah keur aya. Kabeneran weh, cek hate milik kawasna. Ngan nu teu kaharti teh omongna Kang, Jawa. Basa Jawa Indramayu tea. Ari kuring puguh teu paham kana basa Jawa, atuh ituna teh ngomongna gado-gado. Tapi kahartilah sanajan gak-gek-gok oge. Barabat bae ku kuring dicaritakeun sakumaha pamaksudan. Ari pokna teh;

"Heug geura laksanakeun di ditu di imah bae di Cikulak. Sapuratina rarakaan. Engke dina malem Jumaah. Jadi dua poe deui ti ayeuna, dina jam satu peuting satelat-telatna bakal aya nu datang ka imah andika. Sakumaha pamentana kudu cumponan. Sadiakeun anjing hideung atawa lamun euweuh bisa diganti ku hayam babon hideung. Euweuh babonna bisa ku hayam danten. Pek geura jalankeun, pasti di ijabah", pokna teh Kang. Creng wae kuring teh mere perwanten. Nya rasa gede weh barangbere teh. Lantaran didasaran ku kayakinan bakal pihasileun. Eta bet dibere percaya kuringna teh deuih".

"Sugan pedah kasurung ku hayang teuing bae Ujang.............", cek Karta.

"Saha jelemana nu teu hayang beunghar....................." , Esih mairan.

"Enya sugan kitu Ceu. Datang ka Cikulak indung budak dititah neangan hayam babon hideung. Keun bae rada mahal oge cek kuring teh. Indung budak nanyakeun keur naon-keur naon oge teu diwakcakeun. Atuh dina derna asak-asak, nyieun tumpeng bogana nu di luhurna dicongcloan endog hayam bodas, bakakak panggang hayam. Indung budak tatanya oge enggeus ku dijawab asakan weh, awewe mah nyaho beres, cek kuring teh". Diselang ngenyot udud jeung ngarenghap heula. Karta jongjon ngadengekeun. Esih mah riweuh lalayan ku nu balanja. lamun keur euweuh nu balanja ngadon milu ngadengekeun.

"Geus kitu kumaha Ujang?"

"Anggeus weh caritana sasadiaan keur susuguh teh. Bari ngamparkeun samak di kamar tengah. Rurujakan, cai kopi pait, cai kopi manis, cai herang, rujak peuyeum, rujak cau, kumplit weh dijagrakeun dina amparan. Atuh tumpeng lengkep jeung menyan-menyanna. Surutu nu pang mahalna ka tektek seupaheun disadiakeun. Ngahaja meuli seupaheun oge tue nyangkolong nu Ema ieuh. Ningali tumpeng jeung ambeuna nu sedep, gondok laki mah gues turun naek bae, neureuyan ciduh".

"Bener eta teh datang Ujang ?" cek Esih beuki panasaran meureun.


"Ih Si Eta mah.............. Dasar awewe sok ngagokan bae batur keur nyarita", cek Karta sewot.

"Deuh da panasaran kuring mah", cek Esih deuih nambalang.

"Datang mah datang Ceu, tapi kesel ngadagoan. Mana panon tunduh, mana beuheung asa sosonggeteun, balas ngalieukan bae ka jalan".

"Eta henteu kudu ku kuncen deuih nya ?" cek Karta heraneun.

"Henteu Kang, da geus dijampean menyan parukuyanana. Sarta jangjawokanana geus dipapatahkeun ka kuringna. Keur nyambatna supaya datang".

"Mending enteng geuning, asa kakara manggih Akang mah".

"Nya eta harothot teh ku entengna Kang".

"Enya tuluy kumaha tah ?".

"Peledek bae menyan teh ku kuring dikana parukuyankeun. Gorolang jangjawokan dibaca sakumaha nu geus dipapatahkeun ku kuncen. Indung buidak mah waktu kuring maca jangjawokan kawasna mah geus sare, saharita teh keur mepende nu leutik. Atuh kitu deui Ema geus kadenge kerekna. Barang menyan geus mulek haseupna , tuluy maca perele, geleser di luar kadenge aya sora mobil eureun. Teu ditolih tadina mah, sabab pimanaeun aya mobil sedan wanci kitu ka lembur, tur moal enya rek nepungan kuring mah.

Saha jelemana hayang kenal jeung tukang dagang lauk asin, jelema nu boga sedan kitu. Tapi aneh Kang, bet nu marawa sedan teh asupna ka imah kuring".

"ENya.............. hebat atuh Ja ari kitu mah. Tuluyna ?", cek Karta.

"Jelema bayuhyuh didasi mawa tas merekis. Duaan nu asup ka jero imah teh. Brek diuk dina amparan samak. Panon sipit persis bae Cina Baru. Srog tasna diteundeun dina lahunan. Nu saurang diuk tukangeunana. Rasa geumpeur kuring teh geus kitu mah".

"Geus kitu tuluyna kumaha tah, Ujang ?", cek Esin hookeun.

"Galindeng manehna teh nyarita. Ngomongna rada ngirung teu bentes, pokna teh: "Bener ieu nu ngaran Jaja teh ?"

"Enggih nun kuring", tembal kuring teh ngomong rada ngadegdeg. Kakara sih Kang kuring mah nyanghareupan jelema gagah didasi pakean ginding kitu. Rajeun oge di desa ukur kemit pagawean teh. Barabat manehna nyarita deui, cenah kaamanatan ku Kuncen Rakilah kudu nepungan jelema nu ngaran Jaja. Enya kuring tembal kuring teh bungah".

"Kumaha geus sadia sagala sarat nu kudu dicumponan ?", pokna, nanya deui ka kuring. Cek kuring teh parantos, tah ieu buktina".

"Ari anjing hideung mana ? Pokna teh Kang?"

"Aduh hapunten bae Gan, geuning sesah milarian anjing hideung mah. Salembur diider teh, teu aya. Boro anjing hideung, dalah anjing budug oge teu aya".

"Ari itu nu keur ngarengkol saha ?" pokna teh bari nunjuk Ema nu ngarengkol dina juru ranjang. Katenjoeun ku Juragan duit teh."

"Eta mah pun biang nun", tembal kuring. Nu di hareup ngalieuk ka nu di tukang. Nu di tukang nyengir seurina teh. Puriding bulu punduk kuring muriding ningali nyengirna teh.

"Keun atuh ari lebar mikeun anjing hidueng mah. Kumaha babon hayam hideung aya ?"

"Aya eta mah Gan mangga, cek kuring teh bari tuluy nyokot hayam babon nu geus dicangcang dikurungan. Gandeng oge hayam teh. Atuh kuring ngarasa lebar rek mikeun hayam nu sakitu lintuhna".

"Lain hayam nu kieu dusun..................! Keur naon nu kitu mah teu butuh. Butuh soteh ku manusa keur sulurna............", cek nu mamawa tas duit merekis. Ngadenge sulur-sulur kitu, ari koceak teh indung budak nu keur mepende budak nyarita. Meureunan satungtung aya semah teh manehna oge ngabandungan. Tuluy meureun noong tina sela-sela bilik nu carang. Pokna teh:

"Kaka................, sugan kita rek munjung ? Teu sudi najis kuring mah hirup dibawa kitu. Boga indung mitoha hiji-hijina rek disulurkeun, komo kuring deuih........................ teu sudi Kaka teu..........!"

"Jadi moal tulus atuh ari kieu mah......................", cek nu mamawa tas duit. Jung cengkat tuluy arindit kana sedanna. Ditenjo teu puguh ka mana leosna. Kuring maca istigfar sababaraha kali".

"Aing ge da teu maksud nyupang Nyai..............., baid ! Keur naon hirup beunghar ari kudu ngorbankeun anak pamajikan jeung kolot mah. Kitu Kang, Ceu, tah lalakon teh". cek Jaja mungkas caritana. Ger saleuseurian.

"Mending oge dagang lauk asin nya Jang", cek Karta.

"Enya....................", tembal Jaja. Creng mayar cikopi. Ceg tanggunganana geuleuyeung indit bari ngahaleuangkeun kawih dagangna nu geus maranti:

"Asiiiiin..................! bade ngagaraleuh lauk asin kulanun ?!"

Kitu jeung kitu bae beuki lila beuki hawar-hawar ngajauhan.

"Aya-aya bae ari jelema hirup..............." cek Karta.

Nu Ngageugeuh Leuweung Mintri



ku Mitha Sas Edi (Mangle No. 549;1977)

Datang ka Bantarujeg, sup ka warung. Diuk dina korsi bari ngageberan awak nu kesangan ku koran bawana. Cikopi ngebul keneh, teu wani nyuruput nginum, sieuneun kalampog.
"Bade dahar, Ujang?" Cek tukang warung. Leungen mah geus nyekel piring alas ditumpangkeun luhureun boboko kejo, nu ngebul keneh kejona. Tukang warung, Bi Anisem geus yakin deui samangsa aya semah datang ka warungna, tangtuna rek ngadon dahar. Nu ditawaran unggeuk.
"Bade rames, bade garingan bae ?" Nanya deui ka semahna.
"Garingan wae Embi," tembal Marja. Baju nu tadi diliglagkeun tuluy dikancingkeun deui. Kesangna geus tuus. Ret nenjo erlojina. Kakara jam dua welas. Deker dahar mani ponyo. Sanguna nambah satengah alas deui. Tas puasa menang tilu poe, kana dahar jadina ponyo. Katambah di lebah pagunungan, matak ni'mat barang dahar.
"Ari bumina Abah Cemong teh dimana Embi ?" Cek Marja sabada dahar. Leguk cikopina diinum.
"Abah Cemong.....?" Cek Bi Anisem bari ngareret ka nu nanya. Tuluy ngalieuk ka salakina nu keur jongjon udud padudan ngalekik bari nyarande dina korsi goyang.
"Karah Ujang teh nu ti mana ?" Cek Mang Aleh salakina Bi Anisem.
"Tebih Mang ti Jatisura............" tembal Marja.
"Jatisura.............Jatisura kawadanan Jatiwangi nya Ujang".
"Leres Mang................"
"Bade peryogi ka Abah Kuncen, kawasna Ujang teh". Cek Bi Anisem mairan bari laladang.
"Leres Abah Cemong kuncen Leuweung Mintri. Sanes kitu Embi ? Di mana bumina teh, caket atawa tebih ?"
"Caket Ujang paling oge sapal deui ti dieu mah. Teras bae ngidul ti parapatan ieu teh. Engke upami tos mendakan tangkal jengkol nu ngarandakah ka jalan dahanna. Tah di dinya taroskeun bae Abah Kuncen. Ulah disebatkeun namina Ujang. Aya peryogi penting?"
"Kitu bae, Mang, lantaran manggih kanyeri, kuring teh nu matak hayang nepungan manehna teh............" Mang Aleh ukur ngaheheh seuri. Dina hatena mah duka teuing kumaha. Ngan nu nyata manehna ngomong:
"Jadi jelema ngora mah memangna henteu gampang Ujang. Lamun hayang diajenan batur, kudu luhur elmuna jembar pangartina, rubak diplomana. Lamun teu kitu kudu loba dunya luhur kuta".
Marja unggut-unggutan. Dina hatena mah ngaenyakeun. Lantaran lain jelema pinter, tur teu boga dunya, dihampas ku awewe. Hampas kecap aya keneh ajenna. Dijual payu keneh. Lalaki dihampas ku awewe resikona era ku deungeun-deungeun. Disebutna oge lain lalaki. Cek batur teh pira Nyi Anisah, boga geulis boga dunya oge saukur randa. Ditolak ku awewe kitu asana teh.
Enya Marja oge luluasan ka Bantarujeg, neangan tempat nu ngaran Leuweung Mintri teh boga pamaksudan lantaran dihampas ku awewe. Dihampas ku Nyi Anisah randa beunghar jeung geulis rupa. Mangkaning umurna Nyi Anisah teh umur nu keur meumeujeuhna rangu centrokeun. Manehna ngarasa kapengpeongan ku Nyi Anisah.
Ngarasa wanoh ka bapana pek teh sausaha ngawanikeun ngalamar. Tapi jawaban nu katarima ku Marja matak peureus angen. Inget bae kecap-kecapanana teh.
"Ti batan boga salaki ka Si Eta, aing mah Ema, kajeun kuli nyitak kenteng di pabrik kenteng Adung. Puguh gajihna, puguh ladangna. Baid. Can bisa maraban awak sorangan mah ulah mikahayang uing. Bejakeun Ema". Cek Anisah ka Ema Sawilah, jurungan Marja. Ari Ema Sawilah bubuhan jelema jujur kakuku-kukuna, saceplakna ucap carita Nyi Anisah teh dibejakeun teu dikurangan teu dileuwihan. Lamun tape recorder mah pita cassete nu anyar keneh mani nyeples sakumaha asalna.
Leng sirah Marja lieur katurelengan. Rumasa ari jelema sisip pangarti mah. Ari dunya eukeur ari usaha mah tapi teu eleh-eleh teuing ku batur teh. Cenah tacan boga motor sagala, pedah can diniatan bae.
Tapi manehna nyaho, udaganana Nyi Anisah, dunya. Lamun dunyana Marja sarua jeung dunyana Pa Emon bae pasti daekna. Boa mah dirawu dipangku. Jadi kahadean nu ditembongkeun unggal tepung teh saukur ngabeyoan. Tah nu matak manehna hayang beunghar nu jugala. Breh imah gedongna, geleser mobil Coltna, duit simpenan jutaan di Bank. Jaman ayeuna lamun teu ladang korupsi kuduna nyupang. Marja milihna nyupang sabab korupsi mah moal bisa. Manehna saukur pagawe leutik.
Beres mayaran naon-naon nu di dahar ku manehna, leos Marja indit ka tempat sapanuduhan tukang warung. Lebah tangkal jengkol nu ngarandakah manehna eureun. Nanyakeun ka budak jol dituduhkeun bae imahna Abah Cemong teh. Sanggeus dirampeskeun sarta reureuh barabat dicaritakeun sagala pamaksudanana. Katut kanyerian hatena ku awewe dihampas beak kataeun ngora-ngorana.
"Teu gampang Ujang hayang beunghar teh. Eweuh tulis ti ajalina mah hararese. Nu matak diayakeun nu kieu oge pikeun nu hayang beunghar ngadadak sabage barang injeuman. Dina waktuna tangtu naker kudu mulangkeun, katut jiwa raga urang.
Cenah urang geus iklas rido, geus kagok selon jeung diniatan, ari pikeun Abah mah darma nganteur jeung nuduhkeun kumaha saratna. Sanggup bae heug ayeuna keneh oge ku Abah dijajapkeun meungpeung berang keneh. Kumaha kira-kirana ?"
"Sakumaha nu parantos dicarioskeun, abdi tos kagok selon, Abah", tembal Marja. Paeh mah moal ngadua kalian. Moal aya nu geus paeh balik deui ieuh ka dunya pokna teh dina hatena.
Harita keneh Ki Kuncen jeung Marja ngajugjug leuweung Mintri. Keur Marja mah nu tara biasa leumpang di pagunungan, puguh bae ngahegak. Ki Kuncen nu umurna geus genep puluh lima taunna. Awak seger jagjag atuh leumpangna masih keneh ngagedig. Bubuhan gawena turun gunung unggah gunung mapay lebak mipir pasir. Mimitina mah kukurubutan di nu bala laleumpangna teh. Jog anjog ka hiji tempat nu mangrupa tegalan. Ngalieuk ka beulah katuhu. Breh teh aya guha mani rembet ku akar kakayon jeung areuy nu ngarambat, nutup lawang guha. Ka dinya Ki Kuncen mawa Marja.
"Peureum Ujang............" cek Abah Kuncen bari gegereyeman maca jangjawokan. Gejlig ngagejog bumi tilu kali. Tuluy, madep ka unggal madhap, bari gegereyeman keneh. Unggal madep ngagejog bumi tilu kali. Marja mah jongjon peureum sanajan karasa kesel oge.
"Beunta Ujang.............., tapi omat ulah rek babacaan kalimah Pangeran. Teu meunang istigfar-istigfar acan. Lamun keukeuh maksa moal kataekan." Marja unggeuk. Bray beunta.  Atra katingali bet jadi aheng. Guha nu rembet bet nyingray teu aya hahalang. Lenglang beresih. Di hareupeun guha tempat maranehanana nangtung bet aya lapang tegalan. Jukutna ngemploh hejo lir alketip buludru. Mayakpak lega kacida.
Dina panto guha ngajega nu jaga. Marja ras inget kana carita dongeng baheula. Ieu kitu nu disebut gulang-gulang teh dina jaman karajaan? Cek dina hatena. Sikepna gagah, tapi sorot panonna seukeut pikakeueungeun teuteupna teh. Blus Marja dibawa asup ka jero guha ku Abah Kuncen. Teu bala teu rembet di jero guha teh. Ki Kuncen leumpang tiheula, ari Marja mah leumpang pandeuri nuturkeun. Henteu lila jog anjog ka tempat nu lalega, lir kaayaan di hiji pendopo kabupaten. Ras Marja inget. Lamun teu salah asa di pendopo Kabupaten Majalengka. Aneh cek pikirna. Tadi keur asup ka guha, asa heureut, tapi naha ari geus di jero bet lega kacida. Kencaeun pendopo ngajega patung kidang ranggakgak tandukna. Ari katuhueun mah patung maung ngaranggeum manusa baloboran getih dina beuheungna. rey muriding bulu punduk. Datang ka hareupeun pendopo, Abah Kuncen uluk salam, sampurasun cenah. Gulang-gulang nu ngajega di kenca jeung katuhueun pendopo ukur unggut. Beunget gulang-gulang besengut baruluan alus godegna. Kumis baplang. Nu dipikapaur ku Marja teh eta burileng paponna nu seukeut. Huntu ranggeteng herang. Awakna sembada ngeusi, dina dada tingarudat warna belang samar-samar. Kabeh gulang-gulang boh nu diluar boh nu aya di pendopo teu dibaraju, tembong dada. Ari irungna sarua deui demes. Sarua deui belang lir jelema nu tas dikerok ku duit belendong jaman normal. Iketna lamun di tentara atawa serdadu mah meureun topina, sawarna deuih belang tingarudat meh nutup ceulina. Awakna meh rata buluan tapi pikareueuseun resep nu nempo.  Ari calanana mangrupakeun cawet nu rapet kana kulit awakna. Mangrupakeun lawon salur. Tumbak  nu dicekelna herang seukeut tinggurilap. Kamo lamun ti beurang mah boa buburinyayan.
Abah kuncen tuluy nuju ka patengahan. Dituturkeun ku Marja. Brek dariuk mendeko. Marja mah sagala tingkah polah Ki Kuncen teh diturutkeun. Sabab kitu papatah samemehna. Pakean Abah Kuncen nu dipake harita salur belang warna koneng jeung hideung. Teu beda jeung pakean gulang-gulang. Sarungna sarung samping Jawa celepan hideung geus kuleuheu. Diiket barangbang semplak.
Langgeor ti jero pendopo aya nu angkat teu nangan. Mimitina mah teu sidik lantaran cahayana reyem-reyem. Dedegna badag jangkung gede beuteung budayut. Hate Marja ras inget ka pajabat nagara di alam kamanusaan nu awakna badag budayut.
Ari irung atawa pangambungna mah sarua bae jeung irung gulang-gulang demes. Panonna leuwih seukeut manan panon gulang-gulang. Neuteup Abah kuncen jeung Marja.
Tukangeunana ngiringkeun gulang-gulang nyoren pedang panjang duaan. Ngarendeng jeung pangagung, awewe geulis panon cureuleuk tapi teuteupna mah sarua bae seukeut pikakeueungeun. Atuh raray sareng damisna baruluan sanajan bulu kiang oge. Angkat ngalanggeor lir macan teu nangan. Sereset dina hate Marja aya rasa resep jeung bogoh. Implenganana bet nepi ka Nyi Anisah. Ah bener geulis yeuh. Kahayang hatena hayang beunghar ngadadak teh beuki nyongsrong bae ari nempo nu geulis kitu mah. Lat pohon dirasa kamanusaan, selesep rasa ati hewani nyaliara kana saluar awakna.
"Kumaha cageur Aki Demang Kuncen ?" Cek nu anyar datang bari brek diuk nyanghareup ka Aki Kuncen. Diuk dina alketip disandingan bantal. Leungeun ngagupay ka gulang-gulang nu ngiringkeun tukangeun.
Song ududeun. Pelenyun udud dina pipa gading.
"Pangesto aya hibar pangdua Kanjeng Gusti Bupati, kaulanun. Sawangsulna mugi Gusti Bupati sapala putra katut Juag istri aya dina panangtayungan Dewa Batara Agung nun............." tembal Abah Kuncen dibarung unggut-unggutan nyaritana teh.
Cek pikir Marja, oh ieu geuning nu disebut Bupati Nagara Wana Mintri teh? Paingan mani bayuhyuh kitu. Ras Marja inget ka bupati nagara manehna. Henteu bayuhyuh bupati nagara Marja mah. Nyebutna ka Abah Kuncen teh geuning demang. Nu hartina Marja mah Abah Kuncen teh diangkat jadi Wadana lir jadi panghubungna Bupati.
"Pangdunga Ki Demang Luar Nagara Wana Mintri ku kaula katarima kalingga murga. Kitu deui rahayat kaula aya dina panangtayungan Dewa Batara Gung. Sukur gawe Ki Kuncen katarima pisan kalawan buktina rahayat kaula nambahan, matak reugreug kana hate kaula. Kamari oge tas datang nu mulang, ngabaktikeun diri nyumponan janji pasini."
"Duh Gusti hatur nuhun atuh ari pagawean abdi gusti parantos katampi mah........" Abah Kuncen nembalan bari jeung bungah.
"Kawasna mah Aki teh mawa nu anyar ? Naha sebakeun atawa seja ngabakti kawas nu sejen?" Cek Bupati Asih Mintri.
"Enggih nun ngabantun nu anyar. Kahayangna mah hayang ngabakti diri nun. Ieu Ki Marja hoyong janten lir rahayat pukulun, nya dupi nu janten pambrihna mah hayang punjul ti batur. Luhur kuta gede dunya, rea harta rea keton dina hirup sareng huripna, nun. Salajengna parantos seep perjangjian sun....... manehna kersa ngabakti sareng salamina kersa babakti ka salira Gusti Bupati."
"Heug ku kaula ditarima, kalawan regepkeun naon sarat-saratna nu kudu dicumponan ku andika. Coba Ki Sancang geura bejer beaskeun naon-naon nu jadi kawajibanana, kumaha dina nyumponan jangji pasinina". Gulang-gulang nu disebut Ki Sancang gancang maju ka hareup. Galindeng sagala kaperluan jeung sarat-saratna dicaturkeun.
"Jadi ulah poho Ki Silah...... dina unggal malem Juma'ah Kaliwon ulah aya nu kaliwat. Sakali deui dina unggal malem Juma'ah Kaliwon sadiakeun rarakaan, daging domba sakilo nu atah, kalapa duwegan keur nginumna, tuluy lamun keur musim kadu sadiakeun kadu nu asak tur seungit. Atawa lamun euweuh kadu, nagka oge bisa sabeulah hulu. Ganas bae nu amis. Jaba ti eta mah saperti biasa keur nyuguh karuhun, cai kopi nu amis, cai kopi pait, rujak peuyeum, rujak roti ditambah ku kembang warna tujuh" omong Ki Sancang.
"Heug ku kaula dikirim dunya barana sakahayang andika asal sagala sarat nu geus disebutkeun tadi dicumponan.
Sarta engke dina geus anjog kana disna perjangjian, andika ulah embung bakal diala sarta dicokot supaya balik teh kadieu heula. Lain balik ka alam andika, baheula ngajadi, lantaran andika boga balitungan jeung kaula. Ngarti....?" Cek Ki Bupati.
"Kahartos Gusti............." tembal Marja bungah jeung daria pisan.
"Heug ari geus kaharti mah. Ayeuna geura cucul-cucul pakean andika, geura salin ku pisalin ti kaula. Sarta ku kaula rek dijajal jeung digembleng supaya andika caringcing pageuh kancing.........."
Porosot pakeanana dibuka, sabeuleugeunjeur ditaranjangan. Rap dipakean pamere nu anyar ditarima ku manehna. Baju teh pas pisan jeung awakna, kitu deui calana cawetna. Baju teh semu belang-belang tapi katembongna ukur samar-samar. Baju pakena nu ti heula mah dilumbukeun di handap.
Awakna karasa jagjag jeung cangker. Selesep rasa hewani beuki nambahan dina awakna.
"Tah ayeuna hempek geura bawa ka alun-alun Ki Kuncen..............." Cek Bupati Asih Mintri. "Urang jajal jeung dilatih supaya dina dipapag engke bisa dijadikeun gulang-gulang. Umurna meujeuhna pisan keur pancen nu kitu mah"
"Enggih mangga nun............." Tembal Ki Kuncen. Rarasaan Marja awak teh hararampang tapi asa ngareusi. Datang ka alun-alun, nu katempo ku Marja tadi mah tegalan upluk-aplak, geus nyampak gulang-gulang duaan nu rek ngagemblengna. Ari sup ka pakalangan, ari gep cangkengna diranggeum ku salah saurang gulang-gulang. Pangranggeumna mani pageuh, tepi ka Marja teu bisa hojah.
Keleweng dibalangkeun, gap disanggap ku nu saurang deui. Kitu jeung kitu bae dialung boyongkeun. Giwiwing diangkat kana luhureun sirah gulang-gulang. Gebot dibeubeutkeun satakerna. Leng Marja katurelengan lieur. Tapi awakna henteu remuk henteu pasiksak. Rek hudang ceg sukuna dirawel duanana, tuluy diputer lir kincir turbin pembangkit listrik. Pung diapungkeun gap disanggap. Jekok ditonjok satakerna. Bangkieung dadaligdeugan, tapi karasa tanaga lain ngurangan, nyelesep kana awakna aya hiji kakuatan. Ser getihna naek ka luhur. Awak karasa beuki anteb. Brey kesangna kaluar saluar awakna, tapi karasa semu ateul. Rek nguniang hudang tas ditonjok tepi ngabangkieung, ceg deui sukuna dirontok ti tukang. Gebot awakna digebotkeun kana batu. Lenyap hatena ngalenyap. Remuk aing............. cek pikir Marja. Tapi aneh. Sakitu digebotkeun teu karasa nyeri. Malah basa dialung boyongkeun kadua kalina, manehna bisa murag kana taneuh, ragragna kawas ucing nu turun tina para imah. Teu kadenge ngagubragna jeung teu karasa eungap.
Abah Kuncen nu nempokeun manehna digebot dialung boyongkeun kalahka seuri ngaheheh. Kitu deui nu sejen. Malah Ki Kuncen mah pok bae ngomong: "Hade Ujang, geuning andika gancang kataekan dimakbul pakarepan."
"Hiji deui ujian teh kulup......................" Cek Bupati Asih Mintri.
Beres digebot jeung dialung boyongkeun, cek beuheung Marja ditewak ku gulang-gulang. Jung dijungjungkeun awakna teh. Gebut diturunkeun deui bari jeung ditonjok gengeronganana. Ari gaur teh Marja ngagerem satakerna. Ari rarasaan manehna mah ngajerit. Karasa ku manehna awak ngareusi beuki anteb, tapi ari dina tincak-tincakanana hararampang. Atuh tanaga ngarosaan. Ngan sora ngagerem teu beda jeung sora maung atawa macan nu tas ngarubuhkeun mangsana. Halis jeung kumisna gado jeung kuku leungen sarta sukuna digosok ku eurih ngora. Geus kitu mah dititah ngagorowok ngucapkeun lapad geus anut ka Bupati Asih Mintri. Tapi dina ceuli Marja gorowok manehna teh samar-samar kadenge kawas maung keur gagauran neangan mangsa.
"Cup geus jadi........... Hong Dewa Batara Gung umat pukulun beuki nambahan............." Cek Bupati Asih Mintri bari ngaheheh.
Geus salse mah pakean nu tadi dilumbukeun teh dititah dipake deui ku Aki Kuncen teh.
"Geus Ujang geura peureum deui. Ngan poma engke di mana geus malik nukangan tempat ieu, sarta panon andika geus dibeuntakeun deui ulah rek luak-lieuk".
"Mangga.............." tembal Marja bungah. Reup manehna peureum. Geus malik tuluy leumpang bari beunta deui. Sanajan garetek hayang nempo ka tukang. Manehna angger noyod tumut kana wasiat Abah Kuncen nu leumpang tukangeunana. Kakara basa geus ka luar ti leuweung, manehna bisa luak-lieuk.